2 Raja-raja 7
Elisa ngawaler, "Kieu pangandika PANGERAN, dangukeun! Enjing wayah kieu, di Samaria, tilu kilo tarigu anu pangsaena atanapi gandum genep kilo, pangaosna mung saperak."
Pangaping raja nyental, "Ambu-ambu! Kacida pamohalanana eta mah najan PANGERAN ku anjeun ujug-ujug nurunkeun hujan oge!" Saur Elisa, "Ku maneh bakal kasaksian isukan, tapi maneh mah moal kungsi ngasaan-ngasaan acan."
Di luareun lawang nagara aya opat jelema lepra baradami pada batur, "Rek caricing di dieu bae urang teh ngadago paeh?
Asup ka nagara taya gunana ngan ngadon paeh kalaparan. Cicing di dieu kitu keneh tereh paeh. Mending urang ka pasanggrahan balad Siria, paeh-paeh, hirup-hirup!"
Sanggeus poek maranehna arindit ka pasanggrahan balad Siria. Ari datang sihoreng geus suwung.
Tadi beurang eta balad Siria teh ku PANGERAN didatangan kasieun ku sora anu ngaguruh sada gumuruhna balad gede, sada gurudugna kuda jeung kareta, disangkana balad urang Het jeung balad Mesir datang dipentaan tulung ku raja Israil.
Atuh ribut, sarta wanci sareupna balad Siria geus kalabur. Pasanggrahanana, kudana, kaldena, teu ditolih ditaringgalkeun kitu bae.
Nepi ka tungtung eta pasanggrahan, anu opatan teh arasup ka hiji kemah, bararang hakan jeung ngarinum sakarep-karep naon nu aya. Ti dinya nyarokotan emas, perak kitu deui papakean, disarumputkeun. Bus deui ka kemah sejen, retop deui cara tadi.
Geus kitu ceuk nu saurang, "Goreng ieu kalakuan teh! Milik sakieu gedena teu dibejakeun ka batur! Mun nepi ka isuk urang can bebeja, kaburu ditangkep manten. Ayeuna keneh urang bejakeun ka karaton!"
Bring arindit ka Samaria tuluy cumeluk ka nu kemit di lawang, pokna, "Kuring tas ti pasanggrahan balad Siria. Geus kosong taya manusana, tinggal kalde jeung kuda dicarangcang, kemah-kemah geus ditaringgalkeun."
Ku nu jaga diumumkeun jeung diuningakeun ka karaton.
Raja tanghi, ngorejat ti pajuaran, tuluy nimbalan ka para ponggawa, "Ieu akal urang Siria! Nyarahoeun urang geus langlayeuseun. Pasanggrahanana dihaja ditinggalkeun, ngintip ti tegal. Maksudna mun urang kaluar ngaranjah rek ditangkepan, seug nagara urang dijabel."
Aya ponggawa anu mihatur, "Kumaha-kumaha oge jalmi-jalmi di jero kota parantos kalintang cilakana, kenging disebatkeun parantos maraot. Ku margi kitu langkung sae ngintunkeun sawatara jalmi sareng kuda lima ti anu aya keneh, sina nyidikkeun kumaha nu sayaktosna balad Siria teh."
Geus kitu maranehna milih sawatara jelema, ku raja dititah tarumpak kana dua kareta perang, sina maluruh anu geus kajadian di balad Siria.
Bral anu diutus arindit, nepi ka Walungan Yordan. Sapanjang jalan nu katenjo teh papakean tingtalambru, pakakas pabalatak, urut balad Siria miceunan waktu keur kalabur. Utusan baralik deui lapor ka raja.
Urang Samaria budal ngaranjah ka pasanggrahan urang Siria. Harita tinekanan timbalan PANGERAN, tilu kilo gandum anu panghadena atawa gandum sejenna genep kilo hargana saperak.
Ari pangaping raja tea ku raja Israil ditimbalan ngapalaan jaga lawang, seug paeh kaleyek, bukti sakumaha lahiran Elisa kamari waktu raja ngajorag ka anjeunna.
Kamari waktu Elisa nyaurkeun ka raja yen isukan tilu kilo gandum nu pangalusna atawa gandum sejenna genep kilo hargana saperak,
eta pangaping raja teh nyental, "Ambu-ambu! Kacida pamohalanana eta mah najan PANGERAN ku anjeun ujug-ujug nurunkeun hujan oge!" Ari saur Elisa kamari, "Ku maneh bakal kasaksian sorangan isukan, tapi maneh mah moal kungsi ngasaan-ngasaan acan."
Poe eta bukti, eta jelema tiwas di lawang nagara kaleyek ku jelema loba.